Contoh pidato sunda anak-anak, tentang Maulid Nabi "Cinta Ka Nabi bukanlah Cinta Birahi"
السّلام عليكم ورحمة
الله وبركاته
الحمد لله ربّ العالمين # والصّلاة
والسّلام على أشرف الأنبياء والمرسلين # وعلى اله وصحبه أجمعين... أمّا بعد
Syukur nu timbul tidapur kalbu nu taya
kaukur,, Puji paranti nu tiis ti jero ati,, disanggakeun ka Allah nu luhur robbul
Ijati,, oge teu hilap untayan salam,
natrat mapat di wuwuh kalawan rohmat, mugi nitis di Gusti panutan ati, sarta
parat dugi ka para sahabat..
Para hadirin anu sami lengah
Sim abdi dina waktos mieling ieu bade ngiring
nasehat kalawan nyandak Judul Cinta ka Nabi bukanlah Cinta Birahi.
Hadirin anu ku simkuring dipihormat,
Numutkeun umumna jalmi, nu disebat cinta the
bogoh tea kapan, conto hiji jalmi katarik ati ku hiji istri ka pentang asmara
ku hiji wanoja. Sok aya paribasa peureum kadeuleu, beunta karasa salilana
nugeulis asa ucang ucangan bae dina kongkolak mata, sahingga mun hoyong tepang
belaan poek kundang batre leueur kundang iteuk hujan kundang paying oge naon
rupa ka haying jungjunan najan teu weleh sok di tedunan.
Wargi kaum muslimin muslimat
Atuh komo cinta ka Nabi mah sing langkung
langkung ti kitu, ngan cara jeung praktek nandakeun cinta ka Nabi mah benten
tinu tadi, nya diantawisna bae urang sing resep nurutan ahlaqna kanjeng Nabi,
gugu naon rupi parentah Na tebihan naon rupi cecegah Na, sarta seueurkeun maos
shalawat margi kalintang ageungna ganjaran jalmi anu maos shlawat. Sakumaha
hadis Nabi ngajelaskeun
مَنْ صَلَّ عَلَيَّ مَرَّةً صَلَى اللهُ
عَلَيْهِ عَشَرَ مَرَّاتٍ
“saha jalmi anu maca Shalawat ka kami najan
sabalik, pasti Allah bakal ngarohmat ka eta jalma kalawan sapuluh kali lipet”
Kumargi sakitu hayu urang seeurkeun maos
Shalawat supados urang leres leres diaku janten umatna Rosulullah Saw. Aamiin
Rupina mung sakieu cariosan sim abdi mugi
ageing mangfaatna hususna kanggo sim abdi, umumna kanggo hadirin sadaya
والله الموافق إلى
أقوام الطّريق
والسّلام عليكم ورب
Komentar
Posting Komentar